Pages

Tampilkan postingan dengan label Novel sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Novel sunda. Tampilkan semua postingan

Kamis, 06 Maret 2014

Novel Sunda


HAYALAN KURING
Karya :
Rahayu Puspita Sari


Ngaran kuring teh Rayya Ayyana Salsalbila Yuliana. Ulah heran, lamun ceuk bangsa manusia mah eta ngaran the kaasup panyang. Hehehe
Kuring sok ngahayal carita cinta kuring saendah jeung saromantis dongeng-dongeng anu sok dibaca saacan sare, kawas Cinderella, sleeping beauty, alice wonderland, jeung sajabana. Tur sok ngimpi yen dina hiji harita , kuring bakal papanggih jeung saurang pangeran kasep berkereta kuda nnu bakal mawa kuring ka karajaan Rasi. Bentang tur hirup bahagia salwasna. Tapi, sanggeus kuring nincak umur 15 tahun, kuring karek sadar yen eta teh ngan caritaan rekaan hungkul.
Krrrrrrrriiiing……….. Krrrrrrrriiiing……….. Krrrrrrrriiiing………..”
Bel tanda balik geus di sada. Sora bel balik sakola ngaleungitkeun rasa katunduh sakedet netra.
Kumargi parantos rengse materi di ajar poe ayeuna, urang teraskeun bae palajaran nana di poe salajengna,” Bu Euis, guru biologi siap-siap ningalkeun kelas. Ukur kuring jeung si Dini anu masih sibuk ngnabereskeun kantong.
Ayya, saacan balik baturan hela ka kelas XI IPS nya ? “ ajak Dini
Hayu wae. Emang aya kaperluan naon, Din ? “
Ieu, rek ngabalikeun buku nu si Ebi “
Kuring jeung si Dini buru-buru indit ka kelas XI IPS anu jarak na teu pati jauh ti kelas kuring, kelas XI IPA.
Diiiiiiiiiinnnnniiiiii……………Ayyyyyyyyyaaaaaaa…..!!!”
Kadenge sora anu ngageroan kuring jeung si Dini. Kuring langsung ngareret katukang bareng jeung dini.
Aya naon Ndra ? nepika gogorowokan kitu ? “ Tanya Dini ka si Andra.
Geningan nu ngageroan teh si Andra, batur sakelas kuring. Tepi aya naon nya si Andra ngageroan ?, gogorowokan deuih ?, boa-boa dek ngajak balik bareng. Hihihihi
Din kuring nginjem buku catetan biologi nya, tuda tadi teu kaburu nulis kabeh. Bae nya ? “ penta si Andra bari cicirihilan.
Kumaha nya ? atuda isuk pageto aya ulangan biologi. Tah eta bahan nateh tina catetan anu tadi

di tulis. Atuda maneh mah sare wae sih, batur-batur nulis ! “ ceuk si Dini
Hehe, atuda tadimah tunduh, nya eungeus we sare mana bosen deuih di kelas.” Ceuk si Andra ngajentrekeun “ atuh Din, isukan ku urang di balikeun. Janji ! “ si Andra menta bari halisna ka angkat sabeulah.
Oh rarayna lucu. Lalaki di hareupeun kuring iyeu emang kagolong bad boy, kabiasaan nateh sare jeung sare we di kelas the, teu daek ngeurjakeun PR, malah kuring pernah ningali eta budak ngabolos di tukangeun sakola pas pelajaran fisika. Tapi da sabenerna maneh na the pinter, buktina pas dibere soal matematika, ampir sakelas kalabakan. Tapi, ngna manehna hungkul nganggeuskeun 15 soal dina waktu kurang ti 20 menit. Ngan sifat culas, kedul, jeung masa bodo na nu nyieun guru-guru kesel ka manehna.
Nya enggeus, tapi isukan benernya kudu di balikeun !” ceuk si Dini bari muka kantong nyokot buku.
Nuhun nya Dini bawelll……” heureuy si Andra bari nyokot bukku ti si Dini bari seuri.
Dasar Andra ! “
Kuring nu titadi nangtung di gigireun manehna duaan, ngarasa cemburu ningali kadeukeutan maranehna. Naha sih si Andra teu nginyeum ka kuring ? pasti kuring bakal bungah nginjeumkeunana. Naha nginjeumkeunana kudu ka si Dini ?
Ayya hampura nya bieu di hare-harekeun.”
Nyantai we “
Mmm….yuk urang ka si Ebi tea ! bisi ngke kaburu balik jelemana “
********
Kuring masih mikirkeun kajadian nu tadi. Jujur kuring kesel ningali si Andra nginyeum buku ka si Dini. Lain pedah kuring teu resep ka si Dini, tapi ku sabab kuring nyimpen kadeudeuh ka si Andra.Nahanya unggal kuring bogoh ka saha wae, sok aya halangan na wae ?. heunteu eta pedah nu di pika cinta bogoh ka sobat sorangan, atawa malah sobat kuring nu bogoh ka lalaki nu kuring resep. Meuni apes pisan carita cinta kuring mah, haying da carita cinta kuring teh jadi happy ending jiga novel-novel nu sok ku kuring di baca. Teu apes wae jiga kieu. Nasib-nasib sok gopet dina hal asmara. Curhat.
Assalamualaikum, mah aya mulang “
2
Waalaikumsalam, naha telat ayy ?”
Tadi Ayya nganteurkeun heula Dini mulangkeun buku kababaturan mah.”
Oh, nya entos gera ganti acuk tuluy tuang, nya ?”
Enya mamah ku nu geulis..hehehehe ”
Sanggeus di kamar kuring langsung ngalungkeun kantong sakola kana kasur tuluy nutupan sakabeh beungeut ku bantal.
Huuuuhhh…. Naha sih kuring masih kapikiran kajadian nu tadi wae?! Naon pentingna deuih ! Geus atuh pohokeun………….pohokeun !!! “
Kuring inget jaman baheula bas kuring keur kelas 6 SD. Kuirng pernah resep ka sahiji lalaki. Kuring bungah pisan pas manehna ngadeukeutan kuring. Eta mimiti kuring ngarasa bogoh ka lawan jenis. Tapi gening sobat kuring ge nyimpen rasa ka eta lalaki. Kapaksa kuring ngelehan, da kuring mah embung sobat kuring nyeri hate. Sabalikna, pas kuring keur kelas 1 SMP, kuring resep ka hiji lalaki, tapi manehna malah resep ka sobat kuring. Rasana the nyeri kabina-bina. Tapi da rek kumaha oge kuring tong egois. Sarua halna pas kuring kelas 3 SMP, kuring ngalaman persis pas kajadian kelas 6 SD.
Terus ayeuna kuring ge ngalaman deui kajadian pas kelas 1 SMP. Carita cinta kuring terus kabayang-bayang. Rek nepika iraha deui dua kajadian eta di ulang-ulang dina carita cinta kuring.
Aaaaarrrrgggghhh !!!!” bakating ku keuheul kuring teu nyadar ngagorowok.
Kuring nenjo jam geus nunjukeun jam 22:26. Sok sanajan geus peuting, tapi panon hese di peureumkeun. Kuring tuluy nyokot buku diary, batur curhat satia kuring. Ramo kuring ngamimitian nulis di lembar diary.
Dear diary,
Mikacinta jalma susulumputan teh kacida nyerina geuning. Aya rasa nu hayang di ucap, tapi hese di ungkapkeun. Komo deui jalma nu dipika cinta reuseupeun kanu lain. Kuring sadar kuring munafik. Dina biwir kuring seuri tapi dina hate ?
Kuring raheut tappi teu daya.
ANDRA SUMARNA
Mimiti kuring panggih, kuring olohok ningali mesem salira. Saprak eta tah salira narik hate kuring. Kuring nyaho, kuring moal bias ngabogaan salira. Kuring moal nyalahkeun salira, jeung
3
kuring ge moal nyalahkeun Dini. Teu aya nu kudu di salahkeun. Tap kuring hayang salira nyaho
yen kuring resep ngantepkeun rasa ieu bungah enya ge ngan sakeudeung..
Hooooooaaaaammmm…” kuring ngarasa tunduh, tuluy we kuring ngagoler na kasur, teu poho mca doa heula. “ Wilujeng kulem Andra Sumarna, cinta nu jero hate kuring.” Cik kuring bari ngarep kuring bakal ngimpikeun manehna peuting ayeuna.Hehehehe.
***
Kuring lempang ngaliwatan koridor kelas rek ka kelas kuring nu aya di lantai 2. Satepina di kelas, kuring ningali si Dini jeung si Andra keur asik ngobrol jeung heureuy duaan. Parasaan kuring nambahan nyeuri ningali maranehna duaan. Tapi kuring ulah nunjukeun parasaan kuring ieu. Kuring diajar tegat jeung masang raut wajah jiga nu euweuh nanaon. Kuring ngawanikeun diri nyampeurkeun maranehna.
Hey Din, hey Ndra !” kuring nyapa maranehna di sisi meja.
Hey oge Ayy !” jawab maranehna duaan.
Ciiieeee, jiga aya nu keur PDKT yeuh,” kuring ngaledek maranehna bari nyipitkeun panon. Sabenerna hate mah peurih.
Bener ceuk batur, dina kecap “cie” aya rasa cemburu.kuring nyimpeun kantong dina luhur tuluy diuk dina korsi
Heunteu ih, arurang mah kur ngobrol hungkul da “ ceuk Dini bari malik ka si Andra anu di bales ku mesem.
Lamun bener ge teu nanaon da.” Ceuk kuring bari seuri.
Matakan do’akeun kuring Ayy.hahahaha.” ceuk si Andra bari ngiceupkeun panon na ka si Dini bari seuri.
Naon sih Ndra.” Ceuk si Dini bari era.
Wahh….jigana atmosferna geus teu geunah yeuh. Ngadenge ucapan si Andra, hate the nyeri pisan, hayang da rasana ceurik. Tapi, ditahan, kuring embung maranehna nyaho parasaan kuring anu sabenerna. Kuring embung nganyenyeri perasaan sobat kuring, DINI.Kuring niat kaluar kelas ninggalkeun maranehna lantaran sieun teu kuat nahan cimata, kuring tuluy ceungkat tina korsi.
Din, Ndra, kuring kaluar heula nya.” Kuring langsung ningalkeun kelas ninggalkeun maranehna.